NENG NURUL, SURYAKANTA MANG HAJI AMIN, JEUNG KIKIR HUNTU KELONGWEWE

Hiji mangsa, nyarita kuring ka Neng Nurul nu keur gogolehean di teras imah Mang Haji Amin. Harita panon poe geus dek miang diganti peuting nu caang, da rumasa ieu tanggal 14. Geus wancina bulan katempo pinuh di juru langit. Sok kuring nyarita. Kieu caritaan kuring teh.

“Neng, kumaha lamun akang jadi panon poe nu datang pa sosore kieu?”, ceuk kuring bari nyerengeh rada cunihin.

“Na terus kumaha kang?”, tembal Neng Nurul semu heran. Teu ngarti kana pimaksud kuring.

“Nya terus weh... akang jadi panon poe..”, tembal kuring bari ngaleos indit. Rada Ambek.

“Eh kang, eta gening panon poe teh meni endah kitu katinggalna. Asa kurang waas mun eta panon poe teh kudu jiga akang”, ceuk Neng Nurul nu nyieun kuring balik deui diuk gigireun manehna.

“Ehm...,nya kang... eta panon poe pasosore kieu.. meni endah pisan katinggalna teh..”, ceuk Neng Nurul tuluyna, nu harita teu disangka-sangka boga daging jadi luhureun ceulina. Atuh da karasa so teh manehna ngomong kitu bari nyarande kana taktak kuring. Pas pisan eta taktak nempel dina luhureun ceuli Neng Nurul.

“Neng, geuning taar enang teh asa karaos hareeng?”, ceuk kuring bari ngarampa tarang Neng Nurul nu aya tapak getih sesa jarawat nu kakoet kurampaan kuring.

Neng Nurul terus hudang. Manehna nyabok ka kuring, bari tuluy ngambek.

“Na ari sia teu nempo? Heh? Ari sia teu ngarasa dina tarang kuring aya jarawat? Heh?”, beungeut Neng Nurul katempo ambek pisan.

“Aduh punten neng... teu katinggal..”,ceuk kuring tutuluyan bari nyunyuuh kan lahunanna.

“ Ehm, haneut kieu lahunan Neng Nurul..”, ceuk kuring dina hate bari karasa yen hulu keur digebugan ku peureup Neng Nurul nu camperenik. Atuh eta rasa digebugan teh meni asa dipepende. Dug kuring sare.

#

Panon poe surup. Kuring sare dina lahunan Neng Nurul nu keur ngagebugan hulu.

“Neneng! Keur naon eta maneh mepende si Usep?”, ceuk Mang Haji Amin ka Neng Nurul bari mamawa suryakanta*. Duka keur naon eta mang haji mamawa suryakanta.

“Ieu Mang Haji... Kang Usepna nu pingsang dina lahunan abdi bati digebug mastakan. Dupi Mang haji nanaonan nyanyandak suryakanta kitu pasosore kieu? ”, ceuk Neng Nurul, da teu rumasa aya nu salah tea.

“Teu penting nanaonan kuring mamawa ieu suryakanta. Nu pasti kuring nempo maneh jeung si Usep keur paduduan bari teu ngeunah katempona tikajauhan. Untung aya ieu suryakanta. Jelas katempo tikajauhan ge, yen maneh keur mepende si Usep.Bari jeung ngusapan huluna sagala”, ceuk Haji Amin bari tuluy keneh nempo ka Neng Nurul.

“Astagfirullah Neneng, eta bisul bucat dina tarang meni gede kitu??! Gancang diubaran bisi inpeksi..”, ceuk Mang Haji bari tuluy nempo make suryakanta.

“Sanes bisul ieu mah da... Jarawat, mang haji...”

“Maenya jarawat kuat ka gede kitu???bisul eta mah...”, tembal mang haji bari angger eta suryakanta dipapake.

“Leres jarawat eta mah mang haji”, ceuk kuring nu ngarasa situasi geus teu genah deui. Pangpangna mah lahunan Neng Nurul geus karasa panas.

“Na geuning sia hudang Usep?! Keur nanahaon sia sasarean dina lahunan si Neneng??! Jeung naha sia bisa yakin eta dina tarang si Neneng teh jarawat lain bisul? Jawab Usep! Buru jawab!”, kitu ambekna Mang Haji Amin teh bari angger eta suryakanta dipapake.

“Naon sia ngajebengan ka aing Usep?!”

“Saha nu ngajebengan mang haji?? Da lambey abdi mah tos kieu ti kudratna...”, ceuk kuring bari tuluy hudang.

“Nya enggeus... Ayeuna maneh balik Neneng! Panon poe geus surup. Bisi diculik kelong wewe maneh. Maneh Usep, pangageroankeun eta tukang jeruk kadieu..”

“Mangga mang haji...”, ceuk Neng Nurul bari terus indit saengeus ngangsrodkeun erokna ka luhur

(naha ieu carita teh jadi semu jorang baraya? Hihi.. Keunlah,urang teraskeun... dugi kamana tadi nya? –AW)

Sok kuring ngomong ka mang haji Amin, “Mang Haji.. na dimana aya tukang jeruk?”

“Na ari sia teu nempo? Tuh, dipapanggul sakitu lobana dina tanggungan sayur???”, ceuk mang haji nu ambekna bijil deui.

“Baruk, eta mah leunca mang haji... sanes jeruk”, ceuk kuring bari kacida bingungna ku tetempoan Mang Haji Amin poe ieu.

“Maenya leunca gede kitu?? Mang! Eta jerukna sakilo!”, ceuk mang haji nu terus ngadeukeutan tukang sayur nu sarua bingungna dipenta jeruk ku Mang Haji Amin.

“Ieu den haji? Ieu mah leunca sanes jeruk... cobi atuh eta suryakantana disimpen heula...”, ceuk si emang sayur bari seuri.

“Oh enya... sugan uing teh jeruk.. pantes naha jeruk teh harejo kitu, sugan jeruk atah kitu”

“Eh, manawi teh mang haji nuju damang...”, ceuk kuring bari terus ngaleos nyusul Neng Nurul nu dirasa-rasa mah can jauh inditna.

#

Numatak tong loba dirasa-rasa. Neng Nurul geus teuing kamana. Kuring sosoranganan leumpang di pipir kamalir Ajengan Udin. Langit geus poek mongkleng. Bulan nu ditunggu-tunggu bakal nembongkeun awakna can wae datang. Meureun manehna keur nyumput tukangeun mega nu peuting ieu karasa leuwih hideung batan ilaharna.

“Naha rarasaan teh asa muringkak bulu punduk nya?”, ceuk kuring dina hate bari bulak-balik nempo ka tukang.

Ti kajauhan sora anjing babaung kadenge jentre pisan. Maklum da geuning geus peuting ieu teh. Jadi inget kuring, yen kudu ngaliwat ka kebon awi heula saacan nepi ka imah teh. Ceuk beja ti kolot baheula, eta kebon teh sesa pameuncitan jelema keur jaman PKI. Bulu punduk beuki muringkak.

“Si koplok teh! Beut kudu inget carita eta”, gerentes kuring dina hate.

Sora jangkrik silih tembalan. Asa aya nu niup tukangeun ceuli, singhoreng angin nu ngahiliwir ti tukangeun tangkal awi nu ngagupayan. Babaung anjing beuki kadenge jentre.

Kuring nyidik-nyidik naon eta nu ngagupayan, singhoreng lain awi tapi Neng Nurul nu keur leleson di kebon awi.

“Nanahaon eta awewe teh leleson di kebon awi peuting-peuting? sugan teh geus balik”, ceuk kuring dina hate.

“Neng! Nanaonan didinya... hayu urang mulang...”, kuring ngagorowok bari sok ngadeketan ka eta tangkal awi.

Singhoreng lain Neng Nurul nu ngagupayan. Tapi kelong wewe. Make baju bodas panjang. Buuk raweuy. Huntuna sihungan.

“Hag, siah... geus lila kuring teu ngadahar lalaki ngora jiga anjeun”, ceuk eta kelong wewe bari tuluy seuri ngabangingik. Kuduna mah ceurik nu ngabangingik teh. Keun, da manehna mah kelong wewe. Bebas.

Tapi kuring teu eleh geleng. Tuluy kuring ge ngarumbaykeun buuk nu tadi dibengkeut na jero krepus**.
“Na, sia sangka kuring sieun?! Sarua kuring oge! Geus lila teu dahar kelong wewe jiga sia”, ceuk kuring bari ngikir huntu ngarah aya sihungan. Sora jangkrik silih tembalan. Babaung anjing beuki jentre.


PCI2 C4 12| 00:29
By:Anggawedhaswhara
/Realita

*Suryakanta = Lup / Kaca Pembesar
**Krepus = Kopiah / Peci penutup kepala

0 komentar: